​GEKBRONG, CIANJUR – Anggota Komisi VIII DPR RI, Isfhan Taufik Munggaran, ngalaksanakeun kagiatan Reses tur Diseminasi Program Prioritas Presiden Tahun 2026 Kementerian Sosial RI anu lumangsung kalawan khidmat di Aula Desa Gekbrong, Kacamatan Gekbrong, Kabupaten Cianjur, Jawa Barat, dinten Salasa (27/10/2026).

​Acara éta dihadiran langsung ku Kepala Desa Gekbrong, Dadang Hikmat Sudarni, S.Sos., sasarengan jajaran pamdes, unsur TNI-Polri, pendamping PKH, tokoh masarakat, sarta 175 Kuluarga Penerima Manfaat (KPM) tina total 267 KPM PKH anu terdaftar di Desa Gekbrong.

​Dina biantarana, Kepala Desa Gekbrong, Dadang Hikmat Sudarni, S.Sos., ngadugikeun apresiasi anu luhur kana kadatangan legislator pusat ka desana. Dadang ngécéskeun yén moméntum silaturahmi ieu dimanfaatkeun pikeun ngadugikeun rupa-rupa aspirasi warga, utamina anu patali jeung pasualan ditetepkeunana desil penerima bantuan sosial (bansos).

​"Simkuring ngaraos bingah tur reueus kana kadatangan Bapa Isfhan Taufik Munggaran di Desa Gekbrong. Di désa urang aya sekitar 267 KPM PKH sareng anu hadir dinten ieu aya 175 KPM. Salah sawios pasualan utama anu sering dipayunkeun ku pamaréntah désa nyaéta katidaksesuaian data desil kasejahteraan warga," ceuk Dadang.

​Numutkeun anjeunna, seueur warga anu sacara riil aya di desil 4 ka handap (layak nampi bantuan), tapi di jajaran sistem kacatet dina desil 5 ka luhur janten teu kénging hakna. Hal ieu sering nyababkeun riak tur kapanasaran sosial di tingkat lokal.

​"Pamaréntah désa sering janten tempat pangaduan warga. Simkuring ngarepkeun ka payun aya kawenangan rekomendasi ti désa anu tiasa direspon tur diproses langkung gancang ku pihak kementerian terkait, sareng simkuring siap mertanggungjawabkeun katepatan data warga anu direkomendasikeun," tegasna.

​Nanggepan kaluhan éta, Anggota Komisi VIII DPR RI, Isfhan Taufik Munggaran, ngajelaskeun yén kagiatanana di Desa Gekbrong mangrupikeun bagian tina diseminasi program prioritas Presiden RI Prabowo Subianto sasarengan Kementerian Sosial RI, anu ngawengku program Sakola Rakyat dugi ka panguatan KPM.

​Ngeunaan dinamika parobahan desil data warga, Isfhan nekenkeun pentingna verifikasi sareng koordinasi lintas séktor antara pamdes, pendamping PKH, Bhabinkamtibmas, Babinsa, sareng tokoh masarakat.

​"Problem pergeseran desil ieu kedah dicek sacara detail. Aya kasus di mana status warga naék ka desil 7 kusabab kacatet gaduh kandaraan (dua unit mobil) atas nama anu bersangkutan, padahal warga henteu ngarasa gaduhna. Hal-hal sapertos kieu kedah dikroscek babarengan ka Samsat atanapi instansi terkait mumpung masih aya waktos perbaikan," terangnya.

​Isfhan oge mnta supados sadaya pihak nanggalkan ego sektoral dina prosés pendataan penerima manfaat supados bantuan tepat sasaran ka masarakat anu leres-leres butuh.

​Salian isu bantuan sosial, dadaran ogé nyabak kana potensi pangembangan Desa Wisata Gekbrong anu aya di luhur lahan PTPN. Isfhan ngabagéakeun aspirasi Kepala Desa tur jangji bakal nyambungkeun komunikasi ka Kementerian ATR/BPN patali kalengkapan administrasi sareng surat pelepasan hak atas tanah éta.

​Dina akhir dadarana, Isfhan ngadugikeun panginget penting ka masarakat ngeunaan kawaspadaan ngajaga data pribadi.

​"Simkuring ngingetkeun ka masarakat supados sing ati-ati tur ulah gampil masrahkeun KTP atanapi ngunduh aplikasi anu teu dikenal di HP. Kabocoran data pribadi atanapi panggunaan nomor HP ku oknum anu teu tanggung jawab tiasa mangaruhan langsung kana data kependudukan sareng status bantuan sosial kulawarga," pungkas Isfhan Taufik Munggaran.

(Dayu)